Halaman

Senin, November 24, 2008

Budaya Sunda anu Kirang Diperhatoskeun

Wengi ieu aya acara malam grand final pasanggiri mojang jajaka jawa barat 2008 disiarkeun langsung ku PJTV. Mun teu lepat mah pasanggiri moka diayakeun unggal taun. Abdi kantos ningali iklan promosi acara ieu di koran PR, mung asa kirang pisan promosi acara anu notabene kanggo milih mojang sareng jajaka anu engkena bakal janten duta pariwisata ti wilayah jawa barat. Asa lebar pisan lamun warga jawa barat teu terang saha anu bakal jadi wakilna kanggo ngenalkeun budaya sunda. Teu terang yen mojang jajaka nu kapilih teh cocok atawa henteu ngawakilan urang.
Sim kuring oge rada curiga yen 'gagal'na promosi acara ieu teh kusabab warga sunda tos jarang anu paduli kana budaya sunda. Seuseueurna anu paduli keneh kana budaya sunda teh yuswana tos sararepuh. Janten promosi acara ieu kirang ditarima ku warga. Iklan di koran teh saukur diliwat kitu wae. Lebar pisan pan?
Hiji deui anu janten ganjelan di hate abdi, nyaeta naha acara anu bakal milih wakil kanggo ngenalkeun budaya sunda, seuseueurna nganggo bahasa indonesia. Porsi basa sunda nu ditampilkeun saeutik pisan. Sanes ti para finalis wae anu saeutik nganggo basa sunda, tapi nu mawa acara oge utamana mah bahasa indonesia. Kuring teu nyalahkeun maranehna make bahasa indonesia, da eta teh bahasa nasional urang keneh. Tapi cik atuh di acara siga kieu mah tonjolkeun basa sunda.
Kuring ge sabenerna mah sapopoe teh seueurna ngangge bahasa indonesia. Tapi kuring mah manglebarkeun acara ieu. Lamun dimaksimalkeun, acara ieu tiasa janten salah sahiji ajang ngalestarikeun budaya sunda. Tiasa jadi conto atawa trend setter di kalangan saumuran urang. Budaya sunda teh indah pisan. Tina cianjuran, tari sunda, gamelan sunda, kabaya sunda, wayang golek, nepi keun ka adat kawin sunda, kuring resep pisan. Sok nyeredet kana hate mun ningali atawa ngadangukeun salah sahiji nu kuring sebut bieu. Sok geura dangukeun kawih atawa cianjuran.. moal rugi lah, aya rasa kumaha kitu pas ngadangukeun teh.. Kuring mah resep kana lagu kulucu malati sareng kembang tanjung panineungan. Endah pisan pan?
Sakitu wae nu tiasa sim kuring tepikeun dina postingan ayeuna. Mugi2 sanes waktos sim kuring tiasa nyerat nganggo basa sunda deui. Hapunten kana samudaya kalepatan. Sim kuring sadar yen ilmu sareng pangalaman dina basa sunda sarbng budaya sunda jauh tina kasampurnaan.

0 comments:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...